Tugas Bahasa Sunda Pidato berbahasa Bahasa Sunda

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh...

Nu dipikahormat ibu guru miwah rerencangan kelas X-MIA7 SMAN 22 Bandung
Sateuacan pribados medarkeun pidato, pribados ngajak urang sadayana kanggo tasyakur ka hadirat Allah SWT, nu parantos maparin rahmat sareng hidayah-Na, sahingga urang sadayana tiasa kempel ditempat nu mulia ieu. Shalawat sareng salam mugia Allah curahkeun ka kangjeng Nabi Muhammad SWT, nu parantos nyandak urang ti alam kapoekan ka alam ka Islaman.

Hadirin nu dipikahormat,
Dina kasempatan ieu, pribados bade ngadugikeun tema perkawis “lingkungan urang”. Bewara ieu teh mangrupi keluh kesah pribados dina merhatoskeun kaayaan lingkungan tos kacemari. Mudah-mudahan dina milangkala hari lingkungan ieu, pribado ngajak rerencangan ngajagi lingkungan urang.
Sadar teu sadar, urang sadayana hirup di alam dunya teh kedah ngarawat kalestarian alam, margi urang meryogikeun alam, sepertos cai nu tiap dinten bahkan tiap saat urang meryogiekeun. Kaayaan eta cai gumantung kana kaayaan alam. Nyakitu deui urang meryogikeun tuangen sangu, urang ge gumantung kana kaayaan lingkungan tempat jadinya pare. Kumargi kitu, hade gorengnya kahirupan urang gumantung kana hade gorengna kaayaan lingkungan.
Sababaraha taun kapengker, dimana tatangkalan aya dimana-mana tur udara nu seger. Tapi ayeunamah tatangkalan teh tos langki, digentos ku bangunan-bangunan. Udara nu seger teh digentos ku haseup-haseup Carbon Monxida nu teu tiasa digentos ku Oksigen jalaran tos langkina tatangkalan di lingkungan urang.
Sababaraha taun kapengker, urang tiasa bebas narik nafas tanpa ganguan polusi haseup nu tiasa ngaruksak paru-paru urang. Tapi cobi raoskeun di alam kiwari, satiap tarik nafas urang, teu weleh aya polusi haseup nu tiasa ngaruksak paru-paru urang. Udara nu seger tur lingkungan nu asri, di jaman kiwari tos digentos ku bauna haseup kandaraan nu teu akrab jeung lingkungan.
Sababaraha taun kapengker, urang kantos ngaraoskeun kumaha raosna urang mapah dina lingkungan nu beresih. Tapi di jaman kiwari lingkungan nu asri kanggo mapah teh ayeuna mah digentos ku tumpukan runtah nu bau. Lingkungan urang nu subur teh, lir ibarat dongeng jaman baheula.
Pribados yakin, kaayaan alam nu asri tadi kantos ku urang kaalaman. Urang kedah sadar, karuksakan lingkungan teh, urang-urang oge nu janten cukang lantarana. Pribado ngadeg di ieu tempat, sanes ngan saungkul ngungkit-ngungkit nu atos terjadi, tapi hal nu langkung utami, pribados ngajak urang sadayana kanggo berbuat nyata dina ngamumule lingkungan urang. Hayu urang biasakeun miceun sampah dina tempatna sesuai jenis sampah, ngurangan make kandaraan bermotor, hemat ngagunakeun listrik, jeung hayu urang ngagalakeun gerakan melak tatangkalan kanggo bekel anak incu urang jaga. Hal-hal ieu hayu urang mimitian ti diri urang, ti lingkungan urang, supados anak incu urang jaga tiasa salamet tina bencana alam.
Pikanyaah tur rawat lingkungan urang, sakumaha urang mikanyaah diri  urang sorangan. Hal ieu nu peryogi pribados dugikeun. Padato ieu moal aya hartosna, saupami teu ditindaklanjuti ku karya nyata urang dina ngamumule lingkungan. Haturnuhun kana perhatosana, hapunten sok bilih aya tutur basa nu lepat. 

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh...





Comments

Popular posts from this blog

Naskah Drama Bahasa Inggris A Little Thing Called Love

SMA Negeri 22 Bandung 2015 (Preview)

Tips-Tips Buat Kalian yang Ingin Pergi ke Bali